Senin, 09 Maret 2015

Lirik Sholawat Rundayan Rosul

Rundayan Rosul

Wajib ka jalma islamna   **  uninga rundayanana
Jeung nabi utusan allah ** Muhammad putra Abdulloh
Abdulloh putra Mutholib ** Mutholib putrana hasyim
Hasyim putra abdi manaf ** Abdi manaf putra Qushoy
Qushoy putrana kilab ** Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka’ab ** Ka’aab putrana Luay
Luay putrana Gholib ** Golib putrana Fihir
Fihir putrana Malik ** Malik putrana Nadhor
Nadhor putra Kinanah ** Kinanah putra Huzaimah
Huzaimah putra Mudrikah ** Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudhor ** Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad ** Ma’ad putrana Adnan
Nu wajib dugi ka Adnan ** ti Adnan dugi ka Adnan
Henteu wajib uningana ** sabab taya jalan shoheh
Wajib deui uningana ** rundayan nu ti ibuna
Jeung Nabi utusan Allah ** Muhammad putra Aminah
Aminah putrana Wahab ** Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh ** Zuhroh putrana Kilab
Tepang deui di eyangna ** dikilab janggawarengna
Janten ibu jeung ramana ** masih keneh sarundayan



Download Mp3

Tidak ada komentar:

Komentar Jika Menurut Anda ini Ajjibb Jiddan :)